Nadom ibu MT As-samsudiniyah











Ciri ciri akhir zaman..

Ulama tos di pundutan..

Elmu agama ngurangan..

Dunya geus beuki moekan..


Masalah beuki nambahan..

Ahli Fiqih beuki jarang..

Nu bodo beuki wanian..

Fatwa na loba nyasarkeun..


Ngahukuman ku sorangan..

Ladang tina pipikiran..

Maca tina hadist Qur'an..

Tapi tina terjemahan..


Atawa nyandak pendapat..

Kaluar Madzhab nu opat..

Najan bener ti Shohabat..

Ceuk Usul Fiqih mah lepat..


Ngieun hukum ku sorangan..

Asa bener ceuk sorangan..

Bari nyiar katerangan..

Nu penting siga meneran..


Padu aya pendapatna..

Dina kitab nu geudena..

Teu make Ushul Fiqih na..

Akhirna sasar fatwana..


Dina Madzhab Syafi'iah..

Dua Qaol ulah salah..

Qaol Qodim Baghdadiyah..

Qaol Jadid al Misriyah..


Ulama nu nyekel Madzhab..

Di sebat Mujtahid Madzab..

Gelar na katelah Ashab..

Mutaqodimin tong sasab..


Qurun anu salajeng na..

Mujtahid Fatwa gelarna..

Kaya Imam Rofi'i na..

Sareng Imam Nawawina..


Di bawah Mujtahid Fatwa..

Aya nu ahli tarjih na..

Muta-akhirin qurun na..

Ti lima ratus hijrahna..


Kaya Syeikh Muhammad Romli..

Sareng Syeikh Khotib Syarbini..

Jeung Ibnu Hajar Haitami..

Murid Syeikh Zakaria Anshori..


Kitab Fiqih nu Mu'tamad..

Aya opat nu kasebat..

Kahiji Tuhfatul Muhtaj..

Ibnu Hajar anu nyerat..


Mughnil muhtaj ka duana..

Syeikh Khotib anu gaduh na..

Tilu Nihayatul muhtaj..

Syeikh Romli nu kagungana..


Fathul Wahab nu ka opat..

Syeikh Zakaria nu nyerat..

Wali Aqtob nu ka sebat..

Gelar Mujadid teu lepat..


Ieu kitab anu opat..

Syarah tina kitab Minhaj..

Imam Nawawi ka sebat..

Mujtahid Fatwa nu kuat..


Maka Ulama nganjurkeun..

Kitab nu jadi rujukan..

Nu di pake ngahukuman..

Nu opat sing telik pisan..


Kitu oge mun geus ahli..

Kana Alat na geus jeli..

Usul fiqih na ka taji..

Boga guru nu naliti..


*Tapi lamun can ahli mah..*

*Mending pake na safinah..*

*Sareng Riyadlul Badi'ah..*

*Rada luhurna I'anah..*


Wallohu A'lam 🙏

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Alhamdulillah

Perkuat Sinergi, Kemenhaj Gelar Evaluasi dan Pembinaan PPIU-PIHK Menuju Haji & Umrah 2025 yang Berkualitas

  Perkuat Sinergi, Kemenhaj Gelar Evaluasi dan Pembinaan PPIU-PIHK Menuju Haji & Umrah 2025 yang Berkualitas ​ CIANJUR , [Rabu,24/12/20...