CACARAKAN TAUHID ABAH CIPULUS KH Adang Badruddin Cipulus

 



CACARAKAN ABAH CIPULUS

KH Adang Badruddin Cipulus

 

Bismillahirrahmanirrahim

 

 Naon Ari Ngaran Iman ?
Ari Ngaran Iman Nya Eta "Tasdikul Kolbi Bima Ja'a Bihi Nabiyusolowllohu Alaihi Wasalam"
Hartosna
 "Ngaku Jeng Narima Ku Hate Kana Perkara-Perkara Anu Di Dugiken Ku Jung-Junan Urang Sadaya Kangjeng Nabi Muhammad Salowllohualaihi Wasalam"

● Naha Aya Sabaraha Ari Syarat-Syaratna Iman ?
"Ari Syarat-Syaratna Iman Eta Aya 4

● Naon Hiji-Hiji Na ? nyaeta
Ka Hiji Ma'rifat
Ka Dua Id'dian Tegesna Ngaku Ku Hate
Ka Tilu Qobul Tegesna Narima Ku Hate Kana Perkara Perkara Anu Di Dugiken Ku Jung-Junan Urang Sadaya Kangjeng Nabi Muhammad Solowlohualaihi Wasalam
Ka Opat Ikror Kana Dua Kalimah Sahadat Ku Lisan "

● Naon Ari Ngaran Ma'rifat ?
Ari Ngaran Ma'rifat Nyaeta
" Idrokun Jajimun Bihaesu Laesa Ma'ahu Tarodudun Muafikun Lima Filwaki'i Nasiun Andalili.
Pangarti Anu Pasti Nu Teukena Ewah Gingsir Anu Akur Jengbuktina Nu Timbul Dina Alasan."

● Naha Pengarti Nu Kumaha Anu Akur Jeng Buktina Allah Teh ?
"Nyaeta Pangarti Hate Anu Akur Jeng Pendapat Imam Abu Hasan Al-As'ary Jeng Imam Abu Mansur Al-Ma'turidi Nyaeta Anu Netepken Ka Allah Kasipatan Ku Sipat 20 Anu Wajibna, 20 Anu Mustahilna, Jeng Hiji Anu Wenangna Anu Di Kumpulken Dina Ucapan :

"Hujud Kidam Bako # Muholapatul Lilhawadisi
Kiyamuhu Binapsihi #Wahdaniat Kudrot Irodat
Ilmu Hayat Sama #Basor Kalam Kodirin Muridan
Haliman Hayat # Sami'an Basirin Mutaka Lima

Jeng Saterusna .


 

● Naon Ari Paedahna Iman ?
Ari Paedahna Iman Nyaeta :
" Al-Huludu Fil'jannah Hartosna Langgeng Di Surga"
Tah Eta Sadaya Anu Tos Di Tetepken Ku Ulama Ahli Sunnah Wal'jamaah"

●Naha Ulama Anu Kumha Anu Di Ngaranan Ulama Ahli Sunnah Waljamaah Th ?
"Nyaeta Ulama Anu Netepken Dasar Hukum Syarana Tina Kuran Tina Hadis Tina Ijma Jeng Kiyas Mu'tabar.

● Naha Ulama Anu Pangkat Kumaha Anu Bisa Netepken Dasar Hukum Syarana Tina Kuran Tina Hadis Tina Ijma Jeng Kias Mu'tabar Teh ?
" Nyaeta Ulama Anu Pangkat Mujtahid."

● Naha Aya Sabaraha Ulama Anu Pangkat Mujtahid Teh ?
"Ari Ulama Anu Pangkat Mujtahid Th Eta Seer ,Ngan Anu Benang Di Ikuti Eta Aya 4 Nyaeta :
Ka Hiji Imam Hanapi
Ka Dua Imam Maliki
Ka Tilu Imam Syafi'i
Ka Opat Imam Ahmad Hambali

● Naha Ari Tatacara Beragama Ahlisunnah Wal'jamaah Teh Turut Ka Saha ?
" Eta Turut Kakanjeng Nabi Muhammad Solowlohualaihi Wasalam"
Ngan Dina Tatacara Turutna Kakanjeng Nabi Dina Iman Eta Mengikuti Paham Abu Hasan Al-As'ary Jeng Imam Abu Mansur Al-Manturidi, Dina Hukum Islamna Mengikuti Paham Salasahiji Madhab Anu Opat Tea.
Dina Ihsana Mengikuti Paham Abu Kosim Junaedi Al-Bagdadi.

● Naha Kumaha Rincianana Hiji-Hijina Sipat Anu Wajib Anu Mustahil Anu Wenang Di Allah Teh ?
Nyaeta :
Hiji Wajib Hujud #Muhal Allah Adam
Hartosna Allah Aya #Mustahil Allah Teu Aya
Dalilna Wajib Hujud # Ayana Sakabeh Alam
Mun Allah Teu Aya # A'alam Moal Aya

Jeng Saterusna Anu Aya Dina Kitab Nadom Akoidul Iman

  

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Alhamdulillah

Perkuat Sinergi, Kemenhaj Gelar Evaluasi dan Pembinaan PPIU-PIHK Menuju Haji & Umrah 2025 yang Berkualitas

  Perkuat Sinergi, Kemenhaj Gelar Evaluasi dan Pembinaan PPIU-PIHK Menuju Haji & Umrah 2025 yang Berkualitas ​ CIANJUR , [Rabu,24/12/20...